Sabtu, 21 Juni 2008

Nyukcruk Sajarah Pakuan Pajajaran jeung Prabu Siliwangi
Pedaran Sajarah Drs. Saléh Danasasmita Panganteur Prof. Dr. édi S. ékadjati
Langka ahli sajarah urang Sunda tur nulis dina basa Sunda téh. Salasaurangna nya almarhum Saléh Danasasmita. Pedaranana ngeunaan sajarah Sunda anu pohara pentingna réa dimuat dina majalah Sunda antara taun 1960-1970-an. Gédéngeun éta, pedaranana nu ilmiah teu matak ngawagu anu maca, lantaran basana tetep komunikatif.
“Dina unggal artikel Kang Saléh satékah polah ngajawab pertanyaan anu muncul di masarakat ngeunaan rupa-rupa hal anu pakait jeung sajarah Karajaan Sunda…” — Prof. Dr. édi S. ékadjati

Tidak ada komentar: