Amarta
Hiji nagara asalna tina leuweung Amer (Mertani). Dibukbak ku Pandawa bari dibantuan ku Hyang Darmawangsa nu kungsi ngadegkeun karaton Kaindran. Nya alatan nagara kitu Amarta gé sakapeung mah disebut nagara Indrapahasta baé.
Anggajati, Argasoka, Arimba, Arimbi, Arimuka, Arya Prabu, Arya Sengkali, Aruni, Asmara
Argajati
Padepokan Resi Kesawasidhi.
Argasoka
Taman di karaton Aléngka nu dipaké ku Prabu Rahwana pikeun nyumputkeun Déwi Sinta. Éta téh taman nu dipindahkeun ti nagara Ayodya.
Arimba
Anak ti Prabu Arimbaka, raja Pringgandani. Boga adi, Arimbi nu dikawin ku Bima sarta ngarundaykeun Gatotgaca. Arimba boga anak Wésiaji, waktu Prabu Parikesit jeneng raja di nagara Astina. Arimba téh dulurna réa, di antarana Arimbi, Brajamusti, Brajalambatan, Brajawikalpa, Braja Kalabendana jeung Prabakesah. Nya Arimba pisan deuih nu ngaganti Prabu Arimbaka di Pringgandani.
Arimbi
Anak ti Pabru Arimbaka, adi ti Prabu Arimba. Dikawin ku Bima sarta miseuweukeun Radén Gatotgaca.
Arimuka
Sénapati nagara Kaséndra. Inyana nu nyangking jadi sénapati mangsa aya saémbara Déwi Amba, Ambalika, jeung Ambaliki. Tiwas ku Resi Bisma.
Arya Prabu
Mindeng disebut Arya Prabu Rukma atawa Prabu Bismaka, Prabu Wasukunti, Prabu Hirayana, Prabu Kumbinapati. Boga anak Déwi Rukmini nu dikawin ku Prabu Kresna. Dina lalakon “Boma Suruhan” Arya Prabu tiwas kasambut jurit ku Prabu Nalaka Suraboma, raja di nagara Irajutisna.
Arya Sengkali
Panah Arjuna, paméré resi durna.
Aruni
Mirupa garuda, disebut oge Garuda Bariawan.
Demi silsilahna: Hyang Brahnia miseuweukeun ka Resi Kastapa nu ngawin Déwi Kadru dan Déwi Winata. Ti Déwi Kadru ngarundaykeun anak mirupa oray, ari ti Déwi Winata ngarundaykeun anak mirupa endog dua. Endog nu hiji ku Déwi Winata dipeupeuskeun, ti dinya kaluar anak manuk nu saenyana can manjing kaluar, dingaaranan baé Aruna. Déwi Winata teu kinten reuwasna basa ujug-ujug aya sora tan katingalan. Cek éta sora, Déwi Winata bakal nyorang kasangsara anu pohara, nyaéta kudu jadi ‘budak’ nu kudu ngabdi ka dulur sorangan. Anak manuk nu tadi téa téh laju ngegeleber sanggeus medal jangjang. Ari endog nu hiji deui kacida dijaga kalawan geten pisan ku Déwi Winata. Waktu éta endog téa peupeus, nya kaluar anak manuk, diaranan Aruni. Dina padalangan mah, éta manuk nu dua téh mindeng disebut Garuda Baruna jeung Garuda Bariawan.
Asmara
Anak Hyang Guru ti Déwi Umarakti. Mindeng disebut Hyang Kamajaya, salaki ti Déwi Ratih. Déwa Asmara téh déwana birahi, cinta, jeung kabagjaan. Matuhna di Kahyangan di Maya Ratha. Boga ajian Asmaragama, Asmaratatra, Amaraturiga, jeung Pangabaran.
Argabelah
Padépokan Resi bagaspati, mitoha Arasoma nu engkéna jadi Prabu Salya di Mandaraka. Boga anak ngaranna Déwi Pujawati (Déwi Satyawati nu dikawin ku Narasoma).
Arjuna Wijaya
Mindeng disebut Arjuna Sasrabahu. Pangna kitu téh dumeh bisa triwikrama jadi Kalamercu, Brahalaséwu nu mibanda leungeun sarébu pikeun ngagem sanjata. Kalamercu téh turunan Batara Surya, bapana Prabu Kartawiria radi nagara Maéspati. Praméswarina Déwi Sitrawati, anak ti Prabu Ruryana.
Abiyasa
Ngaran séjénna nyaéta Wyasa, Kresnadipayana, Pandya. Abiyasa téh anak ti Resi Palasari jeung Déwi Laramis atawa Durgandini, nu mibanda kasakit bau hanyir.
Ku lantaran Déwi Laramis téh bau hanyir, ku Prabu Matsyapati dititah purah ngawélah parahu nu diaping ku Ki Buyut Catra. Hiji mangsa, tokoh Palasara datang ka dinya geusan ngaraas atawa meuntas. Nya Durgandini pisan nu mangmeustaskeunana. Sabada meuntas, Palasara nalek naha ti mana datangna éta bau nu hanyir? Diwalon ku Déwi Laramis yén éta nu hanyir jolna tina awakna. Palasara milu karunya. Nya harita kénéh Durgandini téh diubaran tepi ka cageurna.
Sanggeus cageur mah Déwi Laramis ditikah ku Palasara. Nya gubrag Abiyasa. Kasakit nu kungsi nyayang indungna (Durgandini) tépa ka Abiyasa. Ti keur leutik, Abiyasa mindeng dibabawa ku Palasara ka patapan Wukir Rétawu geusan meuseuh élmu kasaktian. Ku lantaran jejem jeung junun, sakur élmu nu nyampak di palasara tamplok ka Abiyasa. Tepi ka Abiyasa disebut “mana muni”, malah tepi ka jadi hiji resi nu kacida saktina.
Umur Abiyasa kacida panjangna. Malah tepi ka bisa ngungkulan Prabu Géndrayana dustrénan jadi raja Astina nu pamungkas. Minangka leuwihna, Abiyasa mibanda daya sarta cara nu cerdas dina saban ngungkulan rupaning pasualan.
Abilawa
Ngaran séjén ti Aria Bima waktu keur di Wirata. Nya salila di pangbuangan dina jero 12 taun, Aria Bima nyamar jadi juru masak salila sataun kalawan maké ngaran Abilawa.
Adimanggala
Dina pidangan wayang golék mah mindeng disebut anak ti Buyut Antagepa ti Déwi (Kén Sagupi). Saenyana, Adimanggala téh anak ti Prabu Ugraséna terah raja Mandura. Boga dulur saindung, ngaranna Udawa. Adimanggala jadi patih di Awangga. Udawa jadi patih di Meralaya. Dina perang Baratayudha, Adimanggala tiwas bareng jeung Patih Jaya Samedi dina carita “Kama Tandingan”.
Aditi
Bojona Rest Kasytapa anak ti Hyang Daksa. Boga anak ngaranna Batara Baruna nu ngadon nganjrek di dasar samudra. Inyana ngawasa sakumna alam samudra.
Adityaketu
Urang Kuwara nu tiwas ku Wratsangka dina perang Bratayudha dina carita “Jaya Jabelan”.
Adirata
Bapa kukutna Dipati Karna. Inyana téh salah sahiji kusir petingan sarta dipercaya purah miara karéta karajaan.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar